Kaulinan Barudak Sunda
Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa
Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun
ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah
cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur
simkuring meureunan hehe.
Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.
Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.
Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.
Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.
Salian
ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur
baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur
kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona,
dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau
kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan
jaung kaulinan budak.
Rupa-rupa Kaulinan Budak
Dina
daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda.
kaulinan budak bari kakawihan anu
biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
|
|
kaulinan nu niru-niru jelema nu
geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana
dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan
dijadikeun bapa.
|
|
kaulinan anu dipetakeun ku cara
silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu,
talawéngkar, jsb.
|
|
kaulinan anu maké bal béklén jeung
sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
|
|
kaulinan anu maké bal saukuran bal
ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama
keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog
tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
|
|
kaulinan maké papan kai dieusi
kewuk.
|
|
kaulinan di jero imah bari
kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu
dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi
ucing.
|
|
kaulinan bari kakawihan.
|
|
kaulinan anu maké mikir lantaran
butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah
dam batur anu jadi lawan urang.
|
|
kaulinan maké leungeun bari
kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan
atawaendogna peupeus nuturkeun kawih.
|
|
kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina
jarami.
|
|
kaulinan anu biasana maké
sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
|
|
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan
bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu
jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
|
|
kaulinan maké kalang di taneuh
buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila
bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang.
Dipaénkeun baladan.
|
|
kaulinan maké awi bébékan anu
kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi
ogé.
|
|
kaulinan paluhur-luhur nyieun
gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
|
|
kaulinan leumpang maké awi dua anu
aya panincakan. Disebut ogé égrang
|
|
kaulitan ngaluncatan tali anu
dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
|
|
kaulinan maké kaléci. Aya
rupa-rupa aturan.
|
|
kaulinan lobaaneun bari kakawihan,
pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
|
|
kaulinan bari kakawihan jeung
paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
|
|
kaulinan bari kakawihan jeung
nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
|
|
kaulinan nangkeup tihang imah ku
sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu
pangtukangna sina leupas.
|
|
kaulinan peperangan pabalad-balad
bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama
sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun
kabéh musuh paéh.
|
|
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan
make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina
batu) anu teu meunang ditincak.
|
|
ampir sarua jeung éngklé, ngan
batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana
batu séjén anu ditangtungkeun
|
|
kaulinan lulumpatan jeung
nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
|
|
kaulinan néangan batur nu nyumput
upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung
heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa
aturan.
|
Biasana seueur kaulinan barudak sunda nu ngagunakeun lagu atawa kawih,
ambeh pas di ulinkeun jadi rame.
Conto Kawih Nu di Gunakeun di Kaulinan
Barudak
1. Cingnciripit
Cingciripit..
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu Pare Memencosna
Cingciripit..
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu Pare Memencosna
2.
Oray – Orayan
Oray-orayan
Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri
Oray-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon
Loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.
Lagu lainnya:
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Di
pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!.
3.
Perepet Jengkol
Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean
Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean
4.
Paciwit – ciwit lutung
Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah Ka tungtung
Paciwit-ciwit lutung, si lutung pindah Ka tungtung
5.
Ambil – ambilan
- Ambil-ambilan
- Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil
kami mah teu boga incu
-
Si
Anu kadieu
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
-
Aya
ubarna urat munding campur ragé
tiguling nyocolan dagé.[1]
Kawih lianna :
-
Ambil-ambilan
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil,
kami mah teu boga incu
boga gé anak pahatu
-
Pahatu
gé daék
purah nutu purah ngéjo
purah ngasakan baligo
+ Nyerieun sukuna
kacugak ku kaliagé
-
Aya
ubarna urat munding campur ragé
tiguling
nyocolan dagé
6. Endog –
endogan
Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre
Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre
Endog endogan... endogna peupeus hiji, peupeus kabeh
Goleyang goleyang mata sapi bolotot
7. Cacaburange
Cacaburange.. burange tali gobang
gobang pancarame anak raja di payungan
jing go jing lewe lewe.. jing go jing lewe lewe..
Cacaburange.. burange tali gobang
gobang pancarame anak raja di payungan
jing go jing lewe lewe.. jing go jing lewe lewe..
8.
Cingciripit
Cingciripit tulang bajing kacapit.
Seu’eur oge kaulinan sunda nu teu ngagunakeun kawih, siga anjang anjangan,
bebentengan, beklen, congklak, sondah, sorodot gaplok, galah asin, ucing
sumput, ucing baledog, boy boyan, ngadu kaleci sareng masih nu sanesna deui.
Salain ngasah kreatipitas barudak, oge ngasah motorik sareung ngajalin tali
silaturahmi ka barudak nu sanesna.
Loba pisan mangpaat dina kaulinan barudak sunda teh, janten tong poho kana
kabudayaan urang sadaya, kabudayaan teh lain saukur seni, acuk, senjata sareng
daerah wungkul. Kaulinan oge kaasup kana kabudayaan urang sunda.
Siga nu urang sadaya terang,
kabudayaan kaulinan sunda ieu teh hampir pupus di kalangan urang sundana
sorangan. Lantaran di anggap teu gaul atanapi geus kampungan, lantaran atos aya
kaulinan kaulinan moderen nu ngagunakeun mesin nu leuwih canggih. Nah kumaha
carana ambeh, kaulinan sunda ieu teh tiasa tetep di lestarikeun?
4.
ngenalkeun kaulinan sunda ieu ka generasi saterasna contona kada ade
atawa budak
5.
tong era ngaulinkeun kaulinan sunda, lantaran urang atos teurang sagala
mangpaat kaulinan sunda nu ngaruh pisan paranti nyetak pamingpin kahareupna.
Komentar
Posting Komentar
Tinggalkan komentar agar penulis semakin semangat ya, terimakasih sudah berkunjung :)